Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Kamis, 15 Desember 2016

Sisindiran Pantun Sunda Cawokah (Nyi Randa)


Pantun Sunda Cawokah (Nyi Randa)
gambar tina www.google.com

Nyandak cabe ticikélet
Nyandak dina roda anyar
Naha hate bét kapelet
Ku nyiranda anu anyar

Aya beurit nakiara
Dicoer barudak recet
Ningali imbit nyiranda
Kana hate ting seredet

Beuritna asup nakohkol
Dina lawang rek dipegat
Imbitna nu emplok cendol
Disawang mantak tibelat

Cai pinuh ti sungapan
Kasisi minuhan légok
Abdimah pinuh harepan
Sugan asih bisa amprok

Aya kungkang dina seureuh
Natutugan cikanyere
Ieu akang anu deudeuh
Sugan nyai rek malire

Disidik di ulak ilik
Ngalampar dina lalayah
Di pikir dibulak balik
Mantak jangar kana sirah

Kamari geus ti banjaran
Nempo huma jeung sawahna
Uing jadi panasaran
Hayang geura nempo "taeuna"..

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Sisindiran Pantun Sunda Cawokah (Nyi Randa)

0 komentar:

Posting Komentar