Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Kamis, 15 Desember 2016

Sisindiran Sunda (malem Jumat)



Sisindiran Sunda (malem Jumat)
gambar tina www.goole.com


Hayang ee sareng papang
Ngabalicet katampian
Di gawe ge henteu tenang
Da inget malam jumatan

Aya bolu aya kiripik
Daharna ulah sambutut
Hayang buru buru balik
Inget kana eusi cangcut

Kadaharan nu karieu
Di wedangan pasti lemu
Sajajalan luak lieuk
Neangan tukang jajamu

Seupan orog dikaloan
Kangge tamu tiwalahar
Barang srog kana pengkolan
Tukang jamu eungeus mangkal

Dahan jambu rek di tebang
Make bedog nu biruna
Pesen jamu teu kapalang
Make endog nage lima

Mere duit na recehan
Sesa sesa nasi padang
Gancang indit pd pisan
Siap siap mesat pedang.

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Sisindiran Sunda (malem Jumat)

0 komentar:

Posting Komentar