Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Minggu, 01 Januari 2017

Puisi Sunda Sagurat Harepan, Tresna jeung Rasa

SAGURAT HAREPAN


Deudueh...
Dimana salira...
Akang sono, geuliss..

Tikajauhan akang nyawang
Rasa nupinuh kamelang
Hariwang salira midua rasa
Kabengbat kunu lian

Enung....
Salira ibarat kembang
Numangkak di taman tresna
Ngahiliwir nyeungitan asih na ati
Narik kumbang pikeun datang
Deudeuhh... Akang hariwang
Salira midua rasa

Rasa ieu tanda tresna
Rasa nu lain reumis janari
Nyulusup kalbu saban waktu
Sumarambah bayah unggal mangsa
Matri ati unggal wanci
Mgamuara jadi kacinta

Neundeun harepan
Mikacinta salawasna
Antara urang duaan
Sanajan... Urang paanggang


Bekasi 2 januari 2017

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Puisi Sunda Sagurat Harepan, Tresna jeung Rasa

0 komentar:

Posting Komentar