Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Senin, 09 Januari 2017

Bodor Sunda Harepan Mapag Taun Anyar


HAREPAN DI TAUN ANYAR


Sampurasun Duluurrr..

Gapura medal harepan, ngudag lampah panineungan, umur semet mumuncangan, nu undur mungguh rahayu, muru waktu saampahan, nu datang muga waluya ulah incah balilahan, ceceg anceg dina ridona Gusti anu kawasa.

Pileuleuyan taun 2016. Bral miang tong sumoreang, ulah mangmang jeung hariwang. Tulisan diri geus ngabukti. Anjeun nu jadi saksi, suka bungah, pait peurih geus kapanggih , natrat dina ati sanubari. Dengkleung nineung, kalangkang mangsa katukang, dengkleung nineung sidengdang dina sawangan. Nutup catur nunda lampah di taun 2016. Geusan contoeun jeung eunteungeun di taun 2017

Bagea taun 2017, anjeun nu bakal marengan lengkah, mugia genah, betah, merenah tur tumaninah , ngawengku laku lampah keur ibadah.

Bagea taun 2017. Anjeun nu bakal marengan lengkah, pikeun nyumponan nu can kacumponan, pikeun ngawaranan kahayang nu can kawaranan, pikeun nyubadanan kapanasaran nu can kabadanan, tarekah tetep rek dilakonan, jang miharep ridho gusti anu nangtayungan, aamiiin.

Waktos nu nyerelek teu karaos, Mani asa enggal pisan siga nu ngudag katineung...Kulit geus loba ombakan, rambut bodas geus Jul jol, tanaga geus ngurangan, mata tos teu bengras deui...Ari raga mah, geuningan teu ngabohongan, karasa beurat jeung teu kuat, teu siga kapungkur. Ngan upami Ras kana amalan hirup..Ya Allah, raraosanmah ibadah teh teu nambah nambah.., kana sholat masih kurang khusyu, ngabimbing kulawargi kana Jalan surga, masih can sampurna..., Malih mah kadang dosa Masih kalampah..Ya Allah, sadarkeun abdi, hapunten sim kuring tina lampah anu pinuh bobolokot ku dosa, tuntun salamina kanu jalan anu diridhoi, jalan kasaean, jalan anu tiasa janten manfaat kanggo sadayana umat, sing teguh jeung kukuh mayunan godaan kahirupan...mugia urang sadayana kalebet jalmi anu kenging magfirahNa sareng panangtayungan ti Allah SWT). Aamiin yaa robbal alamiin...

Sok atuh amin keun,, ( alfatihahhh...)

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Bodor Sunda Harepan Mapag Taun Anyar

0 komentar:

Posting Komentar