Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Jumat, 13 Januari 2017

Carita Bodor Sunda Hayang Nyandung Ngakak Pikaseurieun


HAYANG NYANDUNG

Carita Bodor Sunda Hayang Nyandung Ngakak Pikaseurieun


Isuk isuk pamajikan cakah cikih, biasa we nyadiakeun goreng cau jeung cikopi hideung , sor diasongkeun ka sim uing nu nuju nangoh dina teras bari  ngudud rada rada ngalamun

Kang, hoooyyy .. Keur mikiran naon sih,, ngalamun teh mani anteb kitu.. Tah cikopi, enggal uyup bisi kaburu tiis.

Ahhh,, henteu nyii,, ngan ieu we aya ganjelan na pamikiran akang,,

Mikiran naon kitu kang.??

Ke ke ke dupi nyai teh hayang teu hirup senang jiga batur,, ? Sobat akang mah sarenang hirupna nyii..

Nya puguh we atuh kang,, hoyong abdi oge, komo pami akang senang mah, abdi pan milu senang kang.

Nya atuh nyi ari kitumah, reugreug keur akangna, timimiti ayeuna akang rek ngarobah hirup, arek nurutan baturlah supaya hirup senang..

Enya kang sukur atuh ari akang aya kahoyongmah, abdi bagja pisan pami ningali akang senang teh, ke ke ke, tapi kumaha carana kang?

Nya eta nyi,, hiji hijina jalan lamun akang hayang senang teh kudu nyandung nyi, nurutan babaturan akang..

Naon...sakali deui kang,, cing sok nyarita sakali deui asa teu kakuping ku abdimah . (pamajikan ngajengkat bari nulak cangkeng)

Enya ,, kudu jiga batur akang, nyandung nyi..

Haaaaahh dedengean teh hayang di talapung, ?

Nyandung nyi... Nyannnn duuuungg,, (bari pepeta)

Ciaaatttt buuukkk... Golombrang (pamajikan nalapung bari ngaleos) hakan tah kusia.

Adaaaaaaawww ,,,uing adug lajer nungkup si badud.. (les we kapiuhan)

Tamat...

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Carita Bodor Sunda Hayang Nyandung Ngakak Pikaseurieun

0 komentar:

Posting Komentar