Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Jumat, 13 Januari 2017

Carita Bodor Sunda Pasea Jeung Pamajikan


GENCETAN  SANJATA




Kang, tos lah urang gencetan senjata we nya, cape abdimah pasea wae, jeung akang teh

Muhun nyi,, akang ge menta hampura rumasa akang sok nganyerikkeun hate nyai, (bari ngarangkul ka pamajikan)

Muhun kang , mangga nyai ayeunamah moal ngalarang akang facebokan deui kumaha karep akang we lah, (ceuk pamajikan bari nangkeup geugeut pisan) bd facebookan , bd bbman sareng janda oge teu langkung akang,, nu pentingmah peuting ayeuna , urang gencetan senjata nya kang.

Nuhun atuh nya, tetela nyai teh bojo akang nu pang bageurna. Enya yeuh si badud oge geusteu kuateun hayangeun di gencet

Muhun kang, sakali deui abdi hampuranya.

Akang nukudu dihampuramah ku nyai, rumasa loba dosa

Puguh nyai kang, nuloba dosa.

Sidik akangnyi,, nu loba dosa ka nyai.

Pan abdi numimiti menta di hampura ka akang, jadi nyai nurumasa loba dosa (pamajikan semu mureleng)

Haarr ari maneh, puguh aing nu loba dosa, mangkana aing menta di hampura ka maneh

Tuh da sia mah ngajak pasea wae, pamajikan mah geus ngelehan, menta hampura tiheula, naha kalah popolototot(ngepeskeun leungeun)

Jeh ari si goblog, puguh aing pan nu menta di hampura kamaneh , rumasa aing loba dosa. Naha teu karasa kusia(nunjuk irung)

Dasar salaki gebleg, pan aing mimitina nu menta di hampura kasia, naha sia ngaku ngaku ?

pangheulana menta hampura ka aing, dasar salaki goblog sia mah (kerewek kana hp, ciaaatt gopraaak di beubeut keun) bari ngaleos ka dapur

Ari koplok,, tampiling sia ku aing ( ngudag ka dapu)

Der pasea deui,, biasa we sarupaning piring, gelas sendok nepi ka lalayah ngarapung,


(tungtungnamah lapur we, teu bisa kikuk kikuk jeung facebookan)

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Carita Bodor Sunda Pasea Jeung Pamajikan

0 komentar:

Posting Komentar