Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Selasa, 14 Februari 2017

Carita Sunda Bodor, Katipu Kupamajikan

KATIPU KU PAMAJIKAN





Teu genah cicing. Rét deui-rét deui kana érloji. Inget, poé ieu téh boga jangji rék manggihan Neng mayang anu wawuh di pésbuk. Gap, kana hénpon. Neuteup foto profilna. Geulis, keur imut manis. Matak deungdeuleueun. Rurusuhan nepungan dunungan di pagawean, Ménta idin aya kaperluan kulawarga.

Kring ,, Hp disada,, " hallowww assalamualaikum"

Waalaikum salam, Aa enggalkeun nya di antos ku mayang di café Cinta, méja nomer 13. Abdi tos ngantosan!" Ceuk sora nu halimpu tina tlp..

"Muhun neng Akang nuju otéwé." Sumanget. Nyetater motor sabari hahariringan,

Barang nepi ka kafe kasampak Katempo aya awéwé keur diuk nukangan méja nomer 13. Keteyep,keteyep, keteyep disampeurkeun lalaunan. Gabrug Meungpeunan panonna ku dua leungeun. "Hayoooh, tos lami nya ngantosan ?" cekéng. Ngagareuwahkeun.

Teu ahhh karek cineneh" pokna bari Malik. "Matana molotot"

Gebeg, awak ngaleleper, baham calangap, teu bisa ngomong, bating kasima kunu molotot

Kieu we kalakuan teh nya,, kapanggih ayeunamah, paingan hayuh wae ngome facebook ,sok sia rek alesan naon deui haahhh,, pamajikan nangtung bari nulak cangkeng

Eu.. euu..euuu.. ari tadi nu na facebook jeung nu nelepon saha nyi.. (ngadegdeg)

Geus ulah loba tatanya , aing ge pinter siah ayeunamah, " BALIK SIAH" ngajiwir ceuli"

Ampun nyi, ampunn,, ulah kieu, isin ku batur ituh padaningalikeun ihh,

Padoli teuing,,, (murilkeun celu beuki tarik, bari leumpang),

Tamaaaatt....




Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Carita Sunda Bodor, Katipu Kupamajikan

0 komentar:

Posting Komentar