Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Selasa, 14 Februari 2017

Nyandung 2 Carita Sunda Bodor Pikaseurieun


NYANDUNG (bagian 2)



Lédot-lédot nyisiran buuk anu kamari meunang nyemir, dangdak-déngdék sabari hahariringan tembang Déwa 19 "Senangnya dalam hati, kalau beristri dua...téréléng,,terereng!" teu kebat da kaburu inget paur kadéngéeun ku pamajikan nu keur popolah di dapur. "

AA,, badé mumuluk heula moal? ieu abdi ngadamel nasi goréng (Sora pamajikan nongtoréng badis sora hitut dina sééng)

Moal Nyi, engkin wé bilih kasiangan, pan AA badé seminar téa ka Jakarta!".

Celengok nyium tarang pamajikan anu jenong, semu bau haseum.

AA badé sabaraha dinten seminarna?"( tanya pamajikan meni képo.)

Lah paling samingguan" cekéng teh. Céwéswés nyetater motor, katempo tina sepion pamajikan rada juba-jebi, sabodo ah jius ngagas motor marengan kahayang nu beuki rongkah

Jol ka imah Néng WINDY , kuring uluk salam tuluy asup, gék diuk hareupeun calon mitoha nusemu sura seuri, panon maling reret ka neng WINDY, katingali nuju seuri katahan bari nutupan bahamna.
Punten Bapa abdi sumping kadieu teh , Wiati lénglang, mayungan saléngkah-saléngkahna lalampahan mipir-mipir gawir kagimir. Sumirat srangéngé nyaangan patamanan haté. Kembang-kembang harepan mangkak, mangpirang-pirang wanda, mangpirang-pirang warna, ngadalingding ginding katebak hiliwirna asih. Ngalayang ngawang-ngawang nyandang kahayang, niat bd mileuleuheungkeun neng WINDY, seja meungkeut rundayan kahéman ku tali jatukrami. Cadu jalir, hamo leuir , niat masrahkeun laci-laci rasa anu kebek ku katrésna, pamugi katampi kalayan kaweningan ati!" neuteup calon mitoha..

Abdi moal seueur saur, dongkap ka dieu dijurung ku paniatan anu estuning clik putih clak hérang, seja nuturkeun sunah Rosul! Saupamina katampi abdi seja meungkeut neng WINDY ku tali jatukrami!"

HAHAHAHAHAHAHAHAHAHA.... aya kahayang geuning ilaing teh uyyy.. hebat lah , amang mah ngacungkeun jempol, (ceuk calon mitoha, bari seuri)

Ke.. ke.. ke.. punten, naha bapak kalah gumujeng,,

Hahahaha, geus lah ulah loba teuing kahayang, komo hayang nyandung mah, naha kurang kumaha pamajikan di imah sakitu nyaahna ka ilaing, tuh tingali budak mangsa urusaneun, mangsa biayaya aneun, naha ilaing teu karunya,, naha ilaing teu boga rasa, naha ilaing tega. Cing atuh sing eling ilaing teh uyyy...!!!

Pu..pu..puun ten, ieuteh kumaha bapak, dupi bapak saha saleresna..

Hadeueuhh ,, ilaing keur kapimamang ka dewek teh. Hahhaaha..

Haaaaahhhhhhhh... neng windy nanaonan ieuteh (calangap neuteup neng windy)

Windy mah di piwarang si teteh ihhh,, di piwarang pura pura, weeeee...

Aduhhh gustiiiiiiiii cilaka dua las ieumah,, nepak tarang,, di barengan ku awak ngaleleper, .. (gubrag,,, les we kapiuhan)...

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Nyandung 2 Carita Sunda Bodor Pikaseurieun

0 komentar:

Posting Komentar