Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Selasa, 14 Februari 2017

NYANDUNG,Carita Sunda Bodor Pikaseurieun

NYANDUNG (bagian 1)


NYANDUNG,Carita Sunda Bodor Pikaseurieun


Tepang di awang-awang. wakca nyarita CINTA di alam maya, Taya imut nu matak ngirut, taya rindat nu matak tibelat, éstu ngan cumarita tanpa sora. Tapi teu nyana, rasa ujug-ujug pataréma. Aya geter-geter nu teu biasa. Aya trésna nu mancawura.Ngagugudug minuhan dada

"Tah, ieu buktosna abdi mah, Aa! Bilih Aa badé mundur, teu sawios-wios," pokna, basa harita ka imahna.

Neng ,, geulisss,, Aa dongkap ka dieu sanés pédah kapélét ku potrét, kabandang ku kata kata, tapi seja masihan buktos, sanés mung sakadar carios. Aa milari istri sholéhah, kanggo nyarengan Aa naratas jalan harepan pikahareupeun. Clik putih clak hérang, niat laki-rabi, geusan murih ridlo Ilahi," ( bari pepeta). Tos kasawang ti anggalna, foto profil mah pasti éditan. Aa mah teu reuwas.

Aa moal hanjakal, kitu?"( semu cangcaya).

Aa tos nyarios, niat ta'aruf ieu tos teu mangaruhan paniatan Aa! Pameget sajati pantrang ingkar jangji, kajeun pegat pati batan teu ngajadi, (neuteup neng windy , anu ngeluk tungkul)
Ahhh aa mah bohong, modus pangintennya,,

Sing percanten aa enjing pasti sumping deui seja nepungan rama salira, bd muguhkeun tanggalna urang jatuk rami,,

Leress etateh aa..??

Antosan enjing aa pasti datang, aa bd nyuhunkeuAn moal dilamikeun deui, urang pangantenan.

Nuhun aa (ngagabrug)

Tapi nyai kedah sabarnya,, kin dina waktosna urang laki rabi, pasti sering di tinggalkeun, da eta aa mah sok sering dines luar, nyi..

Teu sawios wios aa, abdi ikhlas, demi rumah tangga urang.

Nuhun atuh nyi pami kitumah (celengok nyium tarangna) mangga atuh nyi aa bd mulih heula, bd persiapan enjing, ngalamar salira.

Muhun aa,, mangga,, (malik nyium, bari reumbay cimata)

Mangga atuh nyii,, assalamualaikum..(gura giru nyetater motor, bari heheotan,, (hate galecok bungah bungangang,,anjiiirr jadi aing nyandung ari kieumah, 



(Nyambung kana bagian 2)

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : NYANDUNG,Carita Sunda Bodor Pikaseurieun

1 komentar:

  1. izin share via facebook kang,,carita carita pengalaman na.... hatur nuhun..abdi pribadi ngarasa kahibur ku ayana bodor bodor iyeu..
    smangat trus kang...
    htur nuhun

    BalasHapus